Selasa, 29 Oktober 2013

contoh teks moderator (bahasa sunda)

siang,, kesempatan kali ini saya akan beri contoh untuk teks moderator yang tentunya  dalam bahasa sunda. mm,, insyaallah lah bermanfaat buat teman-teman dalam memenuhi tugasnya atau untuk sobat yang ingin tahu dan lebih memahami tentang bagaimana cara menjadi penata acara yang baik . sebelumnya mohon dimaklum saja , karena ini materi pertama yang saya tulis di blog ..hee. 


Assalamualaikum Wr.Wb
         Alhamdulillaahirabbil aalamin hamdan katsiran toyyiban mubaarokan pihkamaa yarda robbunaa wa ba'da maa yarda . Wa alhamdulillah ala kullihal.
          Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka dzat anu Maha Sampurna , Panulung urang sadaya nyaeta gusti anu Maha Suci Allah SWT, rehna dina danget ieu urang saparakanca masih dipasihan ni'mat iman sinareng islam
          Teu hilap sholawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka pahlawan insan sadunya  nyaeta Rasulullah Muhammad saw, Kakulawargina, sohabatna, tabi'in-tabi'inna tug dugi ka urang sadaya salaku umat mantenna anu turut sareng tumut kana ajaran mantenna.
          simkuring minangka panata acara bade ngadugikeun runtuyan acara anu ngabahas ngeunaan pamanasan global ,diantawisna nyaeta :
(1). Bubuka
(2). Bahasan materi
(3). Patarosan
(4). Kacindekan
(5). Tutup
         kedah ku urang sadaya terang yen global warming atanapi anu remen disebat pamanasan global teh mangrupa kaayaan dimana suhu normal di bumi naek ,upamana wae anu tadina 28 derajat celcius janten 40 derajat celcius. tah kukituna urang saparakanca kudu ngajauhan kana lalampahan anu nyebabkeun global warming .

  Teteh miwah Akang rawuh rerencangan saparakanca hormateun simkuring.
       Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan ieu acara teh ku maca bismillah sasarengan.
       Anu salajengna dihaturanan  ka pangersana ibu Nada Alfiyah, M.Si kanggo ngadugikeun materina ngeunaan global warming. ka pangersana disumanggakeun.


     thanks untuk yang sudah baca , mudah-mudahan dapat membantu dan sedikit atau banyak bisa memberi gambaran seperti apa teks penata acara itu dalam bahasa sunda. tidak ketinggalan , maaf yaa sobat kalau dalam teks pembukaan penata acara ini masih banyak kekurangan disana-sini , maklumlah buatan sendiri . trus maaf soal do'a pembukanya yg kurang jelas, karena sulit nulis b.arab dalam huruf latin .hhee